Neangan bulan nu ngagantung katebak angin leuweung tutupan dimana saenyana saha wae surti Andika mapag mapag leuweung nu taya tungtung neangan hiji hanjakal dimana welas kaheman jadi pati geni Gending kintunan ti halimun jading galisut kana jero manah ngumbara ka sela sela seja napak ti paninggaran Pamayang anu jadi palika matak reueus kana saderet kalimanan dina tungtung jalan sawelas kereles Dina sampaieun raraga nu kenging nuncleb duriat pageto Pohara ngancik reretan salira di papag ku pamijahan katresna nu ngumbar hawar hawar Imut tur someah nu disuguhkeun ka balebat wetan kulon srangengena lekasan dina kajembaran nu mintonkeun Salira nu uget ugetan dina wanci kiwari nepangkeun bujal ka unggal teuteup nu peutingna ngadalingding Bandar Lampung, 2004