Neangan bulan nu ngagantung katebak angin leuweung tutupan dimana saenyana saha wae surti
Andika mapag mapag leuweung nu taya tungtung neangan hiji hanjakal dimana welas kaheman jadi pati geni
Gending kintunan ti halimun jading galisut kana jero manah ngumbara ka sela sela seja napak ti paninggaran
Pamayang anu jadi palika matak reueus kana saderet kalimanan dina tungtung jalan sawelas kereles
Dina sampaieun raraga nu kenging nuncleb duriat pageto
Pohara ngancik reretan salira di papag ku pamijahan katresna nu ngumbar hawar hawar
Imut tur someah nu disuguhkeun ka balebat wetan kulon srangengena lekasan dina kajembaran nu mintonkeun
Salira nu uget ugetan dina wanci kiwari nepangkeun bujal ka unggal teuteup nu peutingna ngadalingding
Bandar Lampung, 2004
Komentar
Posting Komentar